Ah Ieu Mah Raramean welah

Dimimitian timananya? Oh heeh ti salam we nya.

Assalamualaikum, hususon dina postingan ieu ayna ab mah ek nyunda welah nya meh rada akrab kanu ngarti sunda, kanu te ngarti mah duka teuing kumaha dinya welah. Hahaha

Ayna mah moal ngabahas nu beurat-beurat kawas linux atawa sajabana, ieu mah raramean tamba henteu teuing ngepost.

Eh aya nu apal te pamali, eta ning lamun kolot baheula nanaon teh mun bingung mere alesan teh sok nyebutken pamali. Padahalmah naon sih pamali? Sok nya lamun diuk na lawang panto, cenah pamali puguhmah ngahalangan jalan nya, bener teu? Ah tapina eta teh budaya, ari budaya mah moal aya nu salah. Oh heeh, kan ayna teh ker usum hujannya, pernah aya kajadian ceuk babaturan teh ka ab, naha eta motor dikumbah, ngke ge kan kotor deui. Tuluy ceuk ab naon cik, ceuk ab mah nya ken we kotor deui ge, nu penting motor eta teh ges ngasaan bersih masing sakeudeung ge. Ah ken we lah nya ngaranage babaturan.

Ngan tina patarosan eta babaturan, ab teh jd nyandak hikmahna nyaeta sok we ihtiar sing maksimal, urusan hasil mah ken we uihken deui ka Gusti. Asa teu nyambung tapina nya eta hikmah jeung patarosan babaturan. Ah ken we, kareta ge hulu jeng buntutna tara nyambung, sok dipisahken ku gerbong. Tuluy sok rada hayang seuri da lamun aya jalmi nu ngeluh kana hujan, cenah mah hese ulin lah hese kaluar imah/kosan lah, heeh da dunya teh jang maneh sorangan, kan aya nu sejen ge milu cicing di dunya, kawas patani. Kan mun hujan mah tekudu nyeboran pare, tapi masing halodo ge pare mah tara diceboran.

Tuluy kamari-kamari kan libur wae, jaba baju anyar nyeuseuh ku lonri acan diasupken kana lomari, mun te era mah da ek dipoto ieu kamar, meh kaciri balatakna kawas kumaha tuluy di kirimkeun jang miluan lomba kamar pang balatakna, ngan hanjakal asa moal aya lomba kawas kitu mah, tapi masing teu aya ge kan sahentena ges usaha meh meunang mun aya lomba kawas kitu. Oh pernah kapikiran teu mun jaman Nabi Adam ges aya tuiter, kabayang we ke Nabi Adam teh ngan ngapolow 1 dipolow ge 1 nyaeta ku Siti Hawa, jigana temlen ge pinuh ku duaan wenya da can aya manusa lain.
Tuluy mun misalken ek nyekil na temlen teh nu macana Siti Hawa we hungkul, ah langsung ngomong we ketang, untungna can aya tuiter jaman eta teh, da nu nyieun tuiterna ge can hirup, indung bapana ge can aya aya acan.

Ngomongken naon deui nya? Ngges welah heula cape ngomong, padahal nyieun potingan ieu mah da ku leungeun, ke lah disambung mun purun, lamun teu purun tong ditungguan da moal aya. Gesan heula ah, yu nagmumule basa sunda, da lamun lain urang sundana, saha deui? Da urang papua ge riweuh ku bahasana sorangan, ek naon make bahasa sunda.

0 komentar:

Posting Komentar
Pembaca bijak ninggalin jejak, ada komentar? tulis aja...

 
Text Back Link Exchange
+ Follow This Blog